Selasa, 23 Juli 2013

pidato bahasa sunda



BIANTARA NGEMUTAN DINTEN PENDIDIKAN NASIONAL

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatu
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat walafiat.

Nudipikahormat bapak kapala sakola,guru-guru sarta staf tata usaha sareng rerencang abdi nu ku abdi dipikanyaah, abdi ngahaturkeun nuhun kusabab dina kasempatan ieu abdi tiasa ngamacakeun pidato di SMA Negeri 7 Bandung, sareng teu hilap abdi ngahaturkeun nuhun oge ka sadayana nu parantos hadir di ieu tmpat.

Dinten ieu tanggal 2 Mei, anu katepatan ngemutan dinten Pendidikan Nasional. Dinten Pendidikan Nasional ieu teh mumulana ti saurang guru nu sanantiasa ngabagikeun elmuna nu bermanfaat kangge pendidikan Indonesia, anjeunna nyaeta Ki Hajar Dewantara.
Ki Hajar Dewantara nyaeta saurang tokoh pendidikan Indonesia nu ngadirikeun lembaga pendidikan “Taman Siswa” anjeuna teh janten motivasi sareng inspirasi kangge guru sareng palajar.

Sairing jalanna waktos, dunya pendidikan teh nambih ngembang jeung maju. Elmu pangatahuan teknologi sareng informasi teh teu tiasa di pisahkeun jeung dunya pendidikan jaman ayeuna. Sapertos nu urang sadaya terang salah sahiji sumber di ajar pang canggihna ayeuna teh nyaeta internet. Urang tiasa mendakan sumber-sember informasi sapertos perpustakaan on-line, ku kituna proses belajar teh tiasa langkung gancang jeung gampil.

Abdi oge ngaharapkeun dina dinten pendidikan nasional ieu, sairing perkembangan tekologi nu tambih maju mugi-mugi negeri ieu tiasa leuwih maju deui khususna dina bidang pendidikan. Kusabab sareng pendidikan nu leuwih maju, negeri ieu bakal leuwih ningkatkeun sumber daya manusa anu berkualitas, sareng palajar indonesia tiasa termotivasi kangge diajar sareng jadi generasi anu berprestasi.

Sakitu wae anu tiasa abdi dugikeun, mugi-mugi bermanpaat kanggo urang sadaya. bilih aya basa anu kirang merenah , mugi kersa dihapunten. Hatur nuhun kanggo parhatianna.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatu

Tidak ada komentar:

Posting Komentar