BIANTARA PALANGGERAN NULIS EJAAN
BASA SUNDA DI SAKOLA
Assalamu’alaikum warahmatullahi
wabarakatu
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu
mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat
kalawan dina kaayaan sehat walafiat
.
Nudipikahormat bapak kapala
sakola,guru-guru sarta staf tata usaha sareng rerencang abdi nu ku abdi
dipikanyaah, abdi ngahaturkeun nuhun kusabab dina kasempatan ieu abdi tiasa
ngamacakeun pidato di SMA Negeri 7 Bandung, sareng teu hilap abdi ngahaturkeun
nuhun oge ka sadayana nu parantos hadir di ieu tmpat.
Dina ieu waktos, abdi bade ngabahas ngeunaan palanggeran ejaan basa Sunda
di sakola. Kusabab kamampuh nulis ejaan basa Sunda nu bener tangtu jadi salah
sahiji paninten penting guru ka paserta didik. Nilik kana kamekaran elmu teknoligi
jeung sosial budaya di masarakat Sunda, tinangtu miboga pangaruh kana kamekaran
basa Sunda.
Pangaruh tina teknologi, hususna media jejaring sosial atawa SMS (short
message service) teh kawilang gede pangaruhna pikeun pangajaran basa Sunda di
sakola. Malahan aya komunitas alay anu basa tulis sareng kecapna di
singget-singget jeung aksara gede di tengah kecap.
Aksara alay eta teh mangaruhan pisan kana pangajaran basa Sunda di sakolamah.
Kedahna guru basa Sunda tiasa ngarahkeun kana aksara atawa basa Sunda nu bener
jeung luyu kana palanggeran. Ku kituna sabisa-bisana kudu aya tarekah ti guru,
hususna guru basa Sunda supados tetep bener.
Carana, pariksa nu imeut hasil tulisan siswa boh secara ejaan,struktur
kecapna,struktur kalimahna,kalogisanana,jeung aspek kabasaan sejenna.
Sakitu
wae anu tiasa abdi dugikeun, mugi-mugi ngamangpaat kanggo urang sadaya. bilih aya basa anu kirang merenah , mugi kersa dihapunten. Hatur nuhun kanggo parhatianna.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatu
Tidak ada komentar:
Posting Komentar